TATA KRAMA JIMA

TATA KRAMA JIMA
Ditukil tina kitab قرة العيون  :

1.    Wasuh tuntung 2 panangan istri, sareung 2 sampean dina sawadah bari dzikir sareung sholawat , teuras siram ka tiap-tiap sudut bumi
2.    Kawitan ku sampean anu katuhu
3.    wudlu
4.    Teuras ‘aos

بِسْمِ اللهِ وَالسَّلَا مِ عَلَى رَ سُوْ لِ اللهِ اَلسَّلَا مُ عَلَيْكُمْ

5.    Teuras sholat 2 roka’at
6.    Ba’da sholat ‘aos Al-fatihah 3 kali, al-ikhlas 3 , shalawat 3 kali
7.    Teuras ngadoa’ :

اَللّهُمَّ بَا رِكْ لِيْ فِيْ اَهْلِيْ وَ بَا رِكْ لِاَهْلِيْ فِيْ .  اَللّهُمَّ ا رْ زقْهُمْ مِنِّيْ وَ رْازُقْنِيْ مِنْهُمْ وَارْزُقْنِيْ اُلْفَهُمْ وَ مَوَدَّتَهُمْ وَارْزُقْهُمْ اُلْفِيْ وَمَوَدَّتِيْ وَ حَبِّبْ بَعْضَنَا

Hartosna :
Ya Alloh Limpahkeun Berkah Gusti ka kami dina ahli kami, sareung berkah gusti ka ahli kami di jeuro kami. Ya Alloh limpahkeun rizki Gusti ka aranjeuna ti kami, sareung rizqi Gusti ka aranjeuna ti kami sareung rizqi Gusti ka kami ti aranjeuna. Limpahkeun rizki Gusti ka kami tina karukunan sinareung cinta aranjeunan. Sareung limpahkeun rizqi gusti ka aranjeuna tina karukunan sinareung kanyaah kami sareung mugi Gusti masihan kanyaah ka sabahagian kami sareung sabahagian anu sanes.
8.    Teuras ucapkeun salam ka bojo. Bari teundeun panangan dina taar bojo, sareung ngado’a :

اَللّهُمَّ اِنِّيْ اَسْئَلُكَ خَيْرَهَا وَخَيْرَ مَا جَبَلْتَهَا عَلَيْهِ وَ اَعُوْذُ بِكَ مِنْ شَرِّ هَا وَشَرِّمَا جَبَلْتَهَا عَلَيْهِ

Hartosna :
Ya Alloh Abdi Nyuhunkeun Ka Salira Gusti tina kasaean bojo sareung tobe’at anu parantos gusti tobe’atkeun ka bojo abdi. Sareung abdi nyalindung ka Gusti tina kagorengan garowa abdi sareung ka gorengan tobe’at anu parantos gusti tobe’atkeun ka bojo abdi.

9.    Teuras ‘aos surat yasin, waqi’ah, adduha, al-insyirah, annasrh, ayat qursi sadayana sauihan, tambihan ku al-qodar 3 kali.
10.  Teuras ‘aos ya raqib 7 kali dina beuheung bojo. Teuraskeun ku :

فَا للهُ خَيْرٌحَا فِظًا وَ هُوَ اَ رْحَمُ الرَّا حِمِيْنَ

11.  Teuras ngaos do’a sateuacan jima :

بِسْمِ اللهِ .  اَللّهُمَّ جَنِّبْنَا الشَّيْطَا نَ وَ جَنِّبِ الشَّيْطَا نَ مَا رَ زَقْتَنَا. بِسْمِ اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ . اَللّهُمَّ
 اِ جْعَلْهَا ذُرِّيَةً طَيِّبَةً اِ نْ كُنْتَ قَدَّرْ تَ اَنْ تَخْرُجَ ذَلِكَ مِنْ صُلْبِيْ
Hartosna :
Kalayan nyeubat asma Alloh, teubihkeun kami ti syetan. Sareung teubihkeun syetan tina perkaran anu Gusti maparin rizki ka kami. Kalayan nyebat asma Alloh anu maha luhur tur agung. Ya Alloh janteunkeun istri abdi perantara ayana katurunan anu sae. Upami Gusti neuteupkeun katurunan kaluar ti tulang rusuk abdi.
12.  Do’a nalika bade ejakulasi :

اَلْحَمْدُ لِلهِ الّذِيْ خَلَقَ مِنَ الْمَاءِ بَشَرًا فَجَعَلَهُ نَسَبًاوَصِحْرًا وَ كَا نَ رَبُّكَ قَدِيْرًا

Hartosna :
Sadaya puji kangge Alloh anu ngajanteunkeun manusa tina cai mani, teuras manteunan ngajanteunkeun manusa eta gaduh katurunan sareng keluarga. Saestuna Gusti Pangeran anu maha kawasa.  

Teuras ‘aos Alhamdulillah.
di susun oleh : 

Al Faqir Addhoif ilalloh Muhammad Ate Saifulloh,S.Pd.I


Komentar

Postingan populer dari blog ini

DO'A AKHIR MAJELIS